Banner

Lirik Lagu Sunda, Kosipa - Yayan Jatnika

 Lirik Lagu Sunda, Kosipa - Yayan Jatnika

 Nyiar nombokan kakurangan
Gajih sabulan teu nyukupan
Tungtungna guda gade
Bari jeung cape hate
Barang geus numpuk di pakgade

Geus beak gadekeuneun
Kabutuh heunteu eureun
Keur listrik jeung sakola
Unggal bulan teu boga
Alah, lieur euy

Aya nu ngabejaan
Mun butuh kaperluan
Nginjeum teu hararese
Cukup make KTP
Nurutan tatangga ka kosipa, pa, pa, pa, pa, pa, pa

Najan mayarna unggal poe
Kubutuh mah kumaha engke
Sugan isuk pageto
Milik mah saha nyaho
Anu penting di imah ngejo
Eyah, nu penting mah di imah ngejo welah

Nyiar nombokan kakurangan
Gajih sabulan teu nyukupan
Tungtungna guda gade
Bari jeung cape hate
Barang geus numpuk di pakgade

Aduh, aduh, aduh, lieur, kumaha ieu hirup?
Yah, Gusti, ampun
(La-la-la-la-la)
(La-la-la-la-la)
(La-la-la, la-la-la, la-la-la-la)

Geus beak gadekeuneun
Kabutuh heunteu eureun
Keur listrik jeung sakola
Unggal bulan teu boga

Aya nu ngabejaan
Mun butuh kaperluan
Nginjeum teu hararese
Cukup make KTP
Nurutan tatangga ka kosipa, pa, pa, pa, pa, pa, pa

Najan mayarna unggal poe
Kubutuh mah kumaha engke
Sugan isuk pageto
Milik mah saha nyaho
Anu penting di imah ngejo

Alah, uh-hu, uh-uh
Cape euy lah, mikiran hirup, lieur
Heueuh kahayang mah
Entong bere, hm, kitu we pokona merean welah
Cape atuh da hirup teh, tapi keun we, nikmati...

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Lirik Lagu Sunda, Kosipa - Yayan Jatnika"

Post a Comment