Lirik Lagu Awewe Sapi Daging - Doel Sumbang

Lirik Lagu Awewe Sapi Daging - Doel Sumbang

Aya awewe zaman ayeuna
Ngaku awewe modern
berkarier penuh obsesi
sagala hayang jadi lalaki
cenah emansipasi
bari utekna teu ngarti
 


bisnis beurang peuting
bisnis naon duka teh teing
salakina di imah
ngajaga tulak panto
anak diasuh
cukup ku suster jeung babu
 
hayang mobil mewah ngabelaan jadi runtah
ngarepkeun ti salaki duitna teu cukup wae
emas berlian renceum ngaku bati tina bisnis
padahal hadiah ti rupa-rupa bayawak
 
awewe nu kieu lain awewe modern
tapi sapi daging peunciteun tukang jagal
nganut emansipasi kaluar tina aturan
montong ngawalan kodrat
bisi ngadon jadi bejad






Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Lirik Lagu Awewe Sapi Daging - Doel Sumbang"

Post a Comment