Lirik Lagu Nany - Doel Sumbang

Lirik Lagu Nany - Doel Sumbang

Nani ...
nya di teras ieu pisan
Apa Nani nulak cangkeng nyentak bari molototan
ka Asep nyebur si beke nu ngimpi ngahontal bulan
 
Nani ...
nya di teras ieu oge
Ema Nani ngajejeleh bari nunjuk kana irung
majarkeun Asep jeung Nani ibarat langit jeung bumi
 
dicarekan laklak dasar dijejeleh bebeakan
rumasa Asep dihina
wajar mun malik teu suka
Asep manusa biasa boga hate boga rasa
sanajan hirup sangsara harga diri mah utama
 



jungkir balik beurang peuting
mecut akal jeung pikiran
ngudag dunya teu kapalang
tinekanan Asep jadi jutawan
 
Nani ...
nya di teras ieu deui
Apa Nani, Ema Nani, dadakan mani blak-blakan doa Asep meunang Nani
aya ku pikasebeleun

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Lirik Lagu Nany - Doel Sumbang"

Post a Comment