Lirik Lagu Kumalayang - Doel Sumbang

Lirik Lagu Kumalayang - Doel Sumbang

“Alah, kieu geuning kasiksa nya ari boga rasa suka, terus teu wani nyarita, terus kitu awewena komo deui meuren nya teu wani nyarita, jadi balueung ah teu ngarti “
 
*
Teuing dimana
Teuing iraha
Asup na rasa
Kana jero dada
Ujug-ujug nyampak bari nyiksa
Ka edanan ku bebeakan
 
Mungkir teu bisa
Hate rumasa
Boga kacinta
Geude ka bina-bina
Pikir manteng ukur kadidinya
Teu irah heunteu dimana
 
Lamun ti beurang
Pikiranku melayang
Aya kameulang aya rasa hariwang,
Aduh...Aduh...Aduh...
 


Peuting mun sare
Ngan kaimpikeun bae
Taya lian ngan ukur didinya
 
“ Sami,,Sami “
Urang pada boga rasa
“Sami,,Sami “
Ngarasa kasiksa
“ Sami,,Sami “
Sieun rek wakja balaka
Nya kumaha..Kumaha atuh kumaha

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Lirik Lagu Kumalayang - Doel Sumbang"

Post a Comment